Ngoreh kasundaan nu tinggal sesana,mapay galeng neangan nu sarua nyaah kana kasundaanna,ngasruk leuweung dibarengan kaludeung,bari memener jalma nu keur baluweng. Nyoba ngageuing urang sunda nu sakitu reana,nyalukan geura buru inget barangbang semplak dina sirahna,ngarah teu geura leungit ciri nu mustari dina dirina.
Lain ngarasa asa pang sundana,lain ngarasa asa pang bisana,lain ngarasa asa pang aingna,tapi ngarasa nyaah ka kasundaana
Wiraatmadja
Nyaah
Kalintang panuju na kana saran ti Kang Nandi 0768, tapi sanes dina raraga kongres wungkul, urang kedah gaduh jadwal kangge ilubiung silaturahim dina raraga ngaraketkeun duduluran sakitu panginten hatur nuhun..
Basa Sunda teh milik urang, milik urang Sunda, milik nagara Indonesia. Maju mundurna basa Sunda, mekar henteuna basa Sunda gumantung ka urang, para rumaja. Salah sahiji unsur tina budaya teh nyaeta basa. Basa Sunda jeung budaya Sunda mangrupakeun hiji hal anu raket pisan hubunganana anu teu bisa dipisahkeun jadi sewang-sewangan. Lamun urang nyaritakeun basa Sunda hartina urang nyaritakeun budaya Sunda.Sanajan nagara netepkeun basa Indonesia jadi basa nagara, tapi basa daerah tetep dipiara jeung dimekarkeun ku nagara. Atuh rahayatna mah dikudukeun pisan. Basa daerah ku nagara dijadikeun alat pikeun ngamekarkeun jeung ngadukung budaya daerah, alat pikeun ngarojong basa nasional, jeung jadi basa panganteur di sakola dasar. Di daerah sorangan basa teh mangrupakeun lambang kareueus daerah, ciri daerah, jeung alat komunikasi dina kulawarga jeung masyarakat daerah. Salah sahiji cara pikeun nanjeurkeun kabudayaan daerah diantarana ku jalan ngamumule basa Sunda, babakuna mah ku para rumaja.
Wiraatmadja
Ngamumule Basa Sunda
Kalintang peryogina engke kapayun urang kempel dina kongres SKKS sa tatar dunya. Ka para pupuhu SKKS mudah-mudahan janten pangemutan. Hatur nuhun.
Dina guaran-guaran nu mangrupakeun tulisan atawa cutatan, ngagunakeun basa loma bakal leuwih gampang dipiharti. Saluyu jeung tujuan manusa nulis nyaeta supaya gagasan, pikiran, atawa bangbaluhna bisa dipiharti ku nu lian.
R.Wiraatmadja
bahasa loma
jigana uing pang heulana nyoretan ieu tempat, keun ah minangaka tilam kateresnan ka urang sunda. da mani asa bagja ku ayana Kalangsunda teh. di dieu ngabuktikeun yen urang sunda teh teu harees.. heheh. usik kenan gening...
"Ngoreh kasundaan nu tinggal sesana,mapay galeng neangan nu sarua nyaah kana kasundaanna,ngasruk leuweung dibarengan kaludeung,bari memener jalma nu keur baluweng. Nyoba ngageuin..."
Wiraatmadja
Nyaah
"Kalintang panuju na kana saran ti Kang Nandi 0768, tapi sanes dina raraga kongres wungkul, urang kedah gaduh jadwal kangge ilubiung silaturahim dina raraga ngaraketkeun dudulura..."