Sampurasun
Wilujeng Sumping

PEPERENIAN/PANGAWERUH

Post Reply
Forum Home > Seni, Adat & Budaya > PAKAKAS TATANEN KI SUNDA

0000. Rd. Brajayudha III - PINISEPUH SKKS
Administrator
Posts: 26

Pakakas Tatanén Urang Sunda

 Masyarakat Sunda ngabogaan latar sajarah salaku masyarakat tatanén/agraris, ieu kabuktian di antarana:

 1. Naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesyan (alih aksara ku Drs. Atja, 1973) kungsi disebat-sebit kekecapan kujang, patik, baliung, koréd jeung sadap salaku pakakas tatanén.

2. Kasang tukang Sosial Sejarah kuno Jawa Barat jeung Hubungan Antara KArajaan Galuh jeung Pajajaran (makalahna Saleh Danasasmita dina saminar Sejarah Jawa Barat, 1974:42), mukakeun ayana titisan Pancakusika, tilu di antarana masing-masing jadi pahuma (patani), panggérék (moro) sareng panyandap. Katilu jinis pakasaban éta ngarupakeun pakasaban di huma (kebon).

3. Artefak-artefak batu, mangrupa kampak jeung balincong dipanggihan di sabudeureun wewenglon Tatar Sunda, mangrupakeun sĩsa titinggal mangsa prasajarah.

 Ciri-ciri masyarakat huma (peladang) éta ngabogaan tempat cicing nu pundah-pindah, ngahiji (berkelompok) néangan tanah bukaan anyar keurdijadikeun huma (ladang). Dina muka huma umumna dipigawéna réréongan sacara gotong-royong. Dina mangsa ayeuna ciri-ciri ieu masih aya di masyarakat padésaan, Kabiasan ngahuma ieu masih kénéh aya di masyarakat Baduy di Propinsi Banten.

 Tatanén di kebon ieu saterusna mekar jadi tatabén di sawah (Saleh Danasasmita, 1974 : 43 sareng 44). Tapi kabiasaan gotong-royong dina masyarakat huma ogé masih katinggali dina masyarakat patani sawah, utamana nu masih kénéh ngagunakeun pakakas tatanén tradisonal.

Pakakas Tatanén Tradisonal ieu di antarana:

 1. KAMPAK digunakeun pikeun motong batangan kai nu geus di tuar dina ngabuka tanah pikeun ngahuma.

2. BALINCONG asal tina mangsa prasejarah. Digunakeun pikeun pakakas tatanén.

3. BALIUNG nyaéta beusi nu dicampur waja nu geus ditimpa ieu digunakeun pikeun natak kai jeung macul taneuh nu teuas di huma.

4. PATIK mata patik dijieun tina beusi dicampur waja nu diitimpa. Wujudna pasagi i panjang jeung cépér, bagéan pangkalna dilengkungkeun pikeun ngaukkeun leungeun cecekelan nu dijieun tina kai. Digunakeun pikeun pakakas natah kai jeung ngolah taneuh di huma.

5. PARANG (digunakeun pikeun ngarit).

6. GAÉT (Digunakeun pikeun metik bubuahan dina tatangkalan nu luhur, dibantu ku galah saterusna na digaét.)

7. PACUL BAWAK (digunakeun pikeun mancul taneuh di kebon).

8. SINGKAL (alat pikeun malikeun tanah sawah supaya gembur. Wnguananan ampir juru-tilu, salah sahiji ujungna nu seukeut maké lanjam nyaéta beusi nu diseukeutan pikeun pikeun nyingkal taneuh).

9. GARU (digunakeun pikeun ngaguar taneuh nu saerusna dibalikkeun maké singkal).

10. GAROK atanapi SORONGSONG (nyaéta pakakas pikeun ngaratakeun taneuh sawah nu geus aya caina, terus diolah ngagunakeun singkal sarta garu). Dijieunna tina kai ngawangun saperti aksara T.

11. KOLOTOK (Kongkorong Kebo )dijieun tina kai wujudna lonjong aya liang anu gunana dimana kebo indit kolotok bakal nimbulkeun sora. Kolotok oge dianggap pikeun tanda hak saha nu boga éta kebo/munding.

12. PECUT (Digunakeun keur mecut kebo (munding) dina waktu ngadalikeun ngawuluku sawah).

13. CAPLAK (digunakeun kanggo ngagaris taneuh sawah nu rék dipelakkan) supaya jarakna sarua.

14. ASEUK (digunakeun keur nnyieun liang, pikeun ngisikkeun bibinihan paré atawa palawija nu biasa tuwuh di huma).

15. KORÉD PARUPUG (digunakeun pikeun nyiangan rumput atawa gulma).

16. KADUKUL (digunakeun pikeun motong pupucukan tatangkalan nu tuwuh di sabudeureun pepelakan paré di huma).

17. GANCU (digunakeun pikeun nyiang jujukutan nu geus dibabad di kebon).

18. BEDOG PASRÉN digunakeun pikeun “NYACAR” atawa nebas tatangkalan atawa rurungkunan di kebon.

19. LALANDAKAN (digunakeun pikeun ngabersihkeun rumput2 diantara pepelakan pare di sawah).

20. KUKUYAAN (sakapeung disebut GASROK digunakeun pikeun miceun jukut jeung kokotor dina pepelakan paré di sawah).

21. CONGKRANG (digunakeun pikeun nyiang jukut di sawah).

22. BEDOG SORÉNA (golok digunakeun pikeun nebas tatangkalan atawa jujukutan).

23. ÉTÉM digunakeun pikeun motong paré (sawah atawa huma).

24. ARIT (digunakeun pikeun nyabit jujukutan) tapi arit sok digunakeun ogé pikeun motong paré, ngaganti étém nu geus langka di pake deui.

25. PÉSO RAUT (digunakeun pikeun ngaraut awi, utamana nyieun tali pikeun nalian paré wakto panén).

26. TALI (digunakeun pikeun nalian paré hasil panénan. Cara nalian paré ieu aya tata-carana. Biasana “Tali eundan” nyaéta sacanggeum gagang paré nu dihijikeun, saterusna “dua eundan” dihijikeun jadi hiji iketan nu disebut “SAGEUGEUS” ataqa hiji iket nu diwangun ku dua eundan.

27. BEDOG BETEKOK disebut betekok sabab ukuranna pondok teu prah, sarungna lébar dijieun tina kai. Digunakeun pikeun nebasan kai, ogé digunakeun minangka ku kalengkepan patani dina indit ka sawah.

28. RENGKONG nyaéta pakakas nanggung nu dijieun tina rupa-rupa ruas awi. Dina dua tungtungna aya liang nu ngawangun pasagi panjang. Di mana Renggong ieu digunakeun saterusna dioyag-oyagkeun, nngakibatkeun hawa bakal asup kana liwang nimbulkeun sora nu khas.

29. SUNDUNG dijieun tina awi tali nyaeé sig karanjang nu dianyam rapet (rancatan) digunakeun pikeun pakakas nanggung jukut, hasil panén atanawa palawija.

30. LISUNG digunakeun pikeun nutu paré. Wujudna siga parahu nu diwangun tina tilu bagéan nyaéta: kahiji disebut “Sirah” ngabogaan beungeut buleud dina tungtungna melengkung siga wanguna sirah nu tungkul. Kadua disebut “amburan” beungeutna ngawangun pasagi panjang. Kkatilu di sebut “beubeureuhan” ngabogaan beungeut buleud.

31. HALU dijieun tina kai coklat rada hideung, wujudna buleud manjang, kadua puhuna di raut ngaqangun rada buleud. Digunakeun pikeun nutu paré jeung didasaran ku lisung.

32. NYIRU digunakeun pikeun napi béas utamana dina waktu nutu. Wujudna buleud rada cekung, dijieun tina awi nu dianyam rapet, geometris. Bagéan jerona warna coklat, sedengkeun luarna hideung, sabudeureunna dibeulit ku awi tali.

33. SAID atawa bakul ukuran gedé. Digunakeun pikeun wadah neundeun béas atawa pareénu bakal ditumbuk. Dijeun tina awi hasil anyaman, wujudna buleud cembung jeung pasukuan juru opat nu disebut “soko”. Beungeutna dibéré “wengku” nu dililit ku tali.

34. PADARINGAN nyaéta wadah pikeun neundeun beas, biasana di simpen di goah dijeun tina taneuh liat.

35. GINTIRAN (digunakeun saacan aya panggilingan paré nu mekanis. Digunakeun pikeun ngagiling paré;)

 Muga aya mangpaatna,

Padumukan Pakujajar, 24 September 2011

--

September 24, 2011 at 2:30 AM Flag Quote & Reply

You must login to post.

Baraya SKKS moal Nyebat Jawa Barat tapi TATAR SUNDA

BEWARA TI PUPUHU

Baraya SKKS anu hoyong ngaos seratan-seratan Ki H Iwan Natapradja salengkepna, kayaning buku, artikel, bahasan, guaran, guguritan dina rupi-rupi topik mangga klik di http://pustakapakujajar.com

Video Panganyarna

575 views - 0 comments
2221 views - 2 comments
1414 views - 1 comment

Langganan ka SKKS

Acara Bakal Datang

No upcoming events

ASONG-SARAN

  • ""Mudah-mudahan jalan satapak téh sing geura janten jalan arageung, tapi ulah nepi ka Budaya Sunda leungit.Mihapé wéh masing-masing kumaha gé baé urang mah rék disebut prop..."
    ngamumule budaya sunda
    Jalan satapak
  • "NUHUN AH...PAMEDAK SARAN...UDAG SURI TELADANA TAFAKUR ALAM...ZIKIR JG FIKIR..."
    RUDI