BÉWARA

SAWANGAN JEUNG UDAGAN YAYASAN SKKS

Posted by 000. Pinisepuh SKKS on April 1, 2011 at 10:50 PM

Sawangan jeung Udagan SKKS (VISI & MISI SKKS)

 

SAWANGAN/VISI

Melak rasa kabangsaan jeung rasa miboga budaya lokal Indonesia.

UDAGAN/MISI

Miroséa jeung melak/ngarekahkeun budaya Sunda minangka salah sahiji bagéan tina kabeungharan budaya nasional Indonesia.

SASMITA/MOTTO

Nyakola – Nyantika – Nyunda - Nyantri

TUJUAN

Ambahan Deukeut

 Ngaraketkeun duduluran anu deukuer di kalangan internal suku Sunda demi melak rasa sabilulungan jeung sauyunan.

 Ngagambarkeun masalah lunturna budaya luhur Sunda keur manggihan solusi ngungkulanana.

Ambahan Jauh

Sabada sacara “internal” pengkuh, tuluy SKKS bakal ilu-biung ogé, tangtuna dina wates-wates anu “proporsional”, dina upaya-upaya anu leuwih jembar sacara “lintas suku”.

Taun 2020 ditargetkan keur ngadegkeun Sakola (Dasar) sacara swadaya masyarakat dina raraga mantuan program pamaréntah dina widang atikan. Upaya ka arah ieu keur dibaladah ngaliwatan program kapedulian ka barudak umur sakola anu kurang mampuh. Palaksanaanana bisa mangrupa santunan ka barudak umur mejuehna keur sakola anu kurang mampuh atawa mere bantuan keur “rehabilitasi” sarana-sarana atikan.

CARA/STRATEGI

Satékah-polah ngagamangpaatkeun  “potensi-potensi property”, internal, jeung eksternal keur ngahontal ieu tujuan.

Potensi Internal

Potensi internal ieu mangrupa SDM anu diwangun ku para ilmuwan, budayawan, praktisi, jeung balaréa anu paduli kana budaya Sunda.

Potensi ekternal

Ngamangpaatkeun hasil karya teknologi informasi saperti situs jaringan sosial jeung mandala maya (website).

OPERASIONAL

Ti saprak diadegkeun, Yayasan SKKS geus ngalakukeun rupa-rupa kagiatan anu saayeunaeun dilaksanakeun sacara “online” kalayan hasil cukup ngagumbirakeun. Kagiatan-kagiatan ieu di antarana:

 Atikan basa Sunda online ngaliwatan Fcebook, situs http/kalangsunda.net, jeung situs http/sundapedia.net

 Ceramah jeung diskusi budaya ngaliwatan Facebook

 Ceramah jeung diskusi agama Islam ngaliwatan Facebook


POTENSI KEUR NGAREKAHAN

 Ajakan mimitran atawa gawé-bareng ti lembaga séjén saperti Paguyuban Pasundan, Persatuan Pedalangan Indonesia, SMKI Bandung, ASTI Bandung, Universitas Padjadjaran Bandung, Majalah Mangle, jsbn.

Sakitu saliwatan ngeunaan Yayasan Sawala Kandaga Kalang Sunda (Bandung), kalayan aya pangharepan ti pihak balaréa mantuan ku mangrupa naon baé demi kahontalna cita-cita SKKS.

 Padépokan Wening Galih (Ciwidey), 27 April 2010.

Categories: None

Post a Comment

Oops!

Oops, you forgot something.

Oops!

The words you entered did not match the given text. Please try again.

Already a member? Sign In

18 Comments

sae Aki,haturnuhun
Reply idarukmana
06:54 AM on April 20, 2011 
Abdi ngarojong pisan ki.nuhun
Reply 0643. Dede Rahmat
11:24 PM on June 04, 2011 
Aki, putra dalem Dede Rahmat seja ngarojong kana rupihal anu matak ngamajukeun atanapi ngaronjatkeun budaya urang. sae pisan aki...
Reply 052 Apit Mulyana { Panca saraksa }
08:58 AM on June 06, 2011 
Saé pisan ki, mung punten sakedik aya usul ti abdi,
kumaha pami radio SKKS janten radio nasional anu tiasa dikuping di unggal lembur utamina di wewengkon tatar sunda,
Hatur nuhun...
Reply Zie LuCke Tea MarClif
12:11 PM on June 12, 2011 
Alhamdullilah sae pisan Ki Iwan...
Hatur nuhun....
Wass Lucke @SKKS 555
Reply 873. Rahmat Subang
10:27 PM on June 18, 2011 
Mugi Gusti maparin kajembaran ka kalang Sunda nu janten jejer SKKS.
Reply ulung endi suryadi
11:41 AM on July 21, 2011 
Sampurasun................
Nyanggakeun salam pangwanoh ti Sim Uing anu dongkap bari tualg-talog dina kasundaan jalaran ku tebihna ti puseur dayeuh tatar sunda, tegesna ti bekasi...........etang-etang ngadedet-dedet maneh kanggo ngiring ilubiung sasieureun-sabeunyeureun kanggo ngarojong kana kajayaan Sunda !!! _/l\_ Rahayu...................
Reply 0785. Herry Hardiansyah (Akang Ei)
12:33 AM on August 05, 2011 
Wilujeng
Reply 0811 Laleur Bodas ( riki rizkianudin )
08:59 AM on August 27, 2011 
wilujeng tepang , salam pangwanoh ti pribados.
Mugi Alloh SWT Nyumponan kalayan karidhoana kana sagala pamaksadan insan insan SKKS. amin.....
Reply 0834. Lilis Rohmiati (Bunda Simata Wayang)
09:45 AM on September 07, 2011 
Sae pisan Ki,,,mudah-mudahan sagala anu di rencanakeun di pasihan kalancaran sareng kaberhasilan,
Sim kuring ngiring bingah,,,ngiring ngarojong ti katebihan^_^
Reply charkim
01:55 AM on September 21, 2011 
Wilujeung Aki...
Abdi ngarojong pisan kana sadaya alpukahna Aki sareng SKKS na....
Reply singgahsana pancaniti II
07:19 PM on September 25, 2011 
sampurasun kasadayana,,punten ieu lauk buruk milu mijah mung haying kenal hoyong wanoh ka sakur nu miara sastra jng budaya sunda,,hayu urang ngawangun jati diri kanggo maju keun deui budaya sunda nu luntur ku waktu laas ku jaman,,
rahayu
Reply 0832. Asep Suryana Suhara
10:02 AM on October 12, 2011 
Hapunten sateacanna....bade tumaros?janten kedah kumaha sakedahna kanggo simkuring salaku baraya anu tebih di lembur dina raraga miara kasundaan teh...Hatur nuhun..kasadayana.
Reply 0010. H Achmad Sukradarma, Pamong Mandala Agama
09:09 AM on December 01, 2011 
Saawangan sareng Udagan supados hasilna sae, aya mangpaat ka balarea hususna urang Sunda, kedah dikoordinir ku nu digjaya dina widang ka-Sunda-an, sareng dina widang Organisasi. Sanes padamelan gampil ieu teh, komo deui tebih tina milari profit, estuning clik putih clak herang micinta Sunda. InsyaAlah bakal dirojong ku baraya SKKS..
Reply 1244. Dra. N. Imas S Kurniasih
10:17 AM on February 22, 2012 
Ass. Wr.Wb...Sampurasun...!!!
Hatur nuhun ka Pangersa Pupuhu SKKS Bapa Dr. H Iwan Natapradja anu parantos keresa bampi sim kuring dina ieu rohangan Paguyuban. Sim kuring ngaraos reueur sareng kataji ...gening seueur wargi-wargi anu masih keneh mikanyaah tur ngamumule perkawis ka-Sundaan, ieu tawis kanggo landong urang Sunda anu hanaang tur halabhab dina ngaguar sareng ngudag jatining Sunda...Wass. Wr.Wb
Reply 1244. Dra. N. Imas S Kurniasih
10:19 AM on February 22, 2012 
1244. Dra. N. Imas S Kurniasih says...
Ass. Wr.Wb...Sampurasun...!!!
Hatur nuhun ka Pangersa Pupuhu SKKS Bapa Dr. H Iwan Natapradja anu parantos keresa nampi sim kuring dina ieu rohangan Paguyuban. Sim kuring ngaraos reueus sareng kataji ...gening seueur wargi-wargi anu masih keneh mikanyaah tur ngamumule perkawis ka-Sundaan, ieu tawis kanggo landong urang Sunda anu hanaang tur halabhab dina ngaguar sareng ngudag jatining Sunda...Wass. Wr.Wb
Reply RUDI
08:54 PM on May 15, 2012 
wilujeung kenal:
Reply 1505 Iwan Kustiwan (Bebegig Peuting)
10:20 PM on May 22, 2012 
bagja..

Baraya SKKS moal Nyebat Jawa Barat tapi TATAR SUNDA

Video Panganyarna

80 views - 1 comment
124 views - 0 comments
407 views - 3 comments
341 views - 1 comment

Langganan ka SKKS

Acara Bakal Datang

No upcoming events

ASONG-SARAN

  • "Ngoreh kasundaan nu tinggal sesana,mapay galeng neangan nu sarua nyaah kana kasundaanna,ngasruk leuweung dibarengan kaludeung,bari memener jalma nu keur baluweng. Nyoba ngageuin..."
    Wiraatmadja
    Nyaah
  • "Kalintang panuju na kana saran ti Kang Nandi 0768, tapi sanes dina raraga kongres wungkul, urang kedah gaduh jadwal kangge ilubiung silaturahim dina raraga ngaraketkeun dudulura..."