BÉWARA


view:  full / summary

Wawakil Pupuhu

Posted by 0001. DR. H. Ihwan D. Natapradja, Girang Pupuhu. on August 28, 2011 at 1:10 AM Comments comments (4)

Ka Baraya SKKS sadaya!

Sabada ditimbang-timbang ku aki salaku Pupuhu, dumasar kana rupa-rupa alatan jeung pamendak, aki nyidekkeun:

Masihan Pancén ka ki Dedi Ruspendi (SKKS 0187), janten wakil Pupuhu SKKS. Insya Allah anjeunna badé ngagarap masalah Pangaweruh Budaya Sunda sareng aki.

Pamuga ieu Béwara diémbarkeun ka sakumna baraya SKKS.

Cag.

Ki H Iwan Natapradja

Pupuhu.

SAWANGAN JEUNG UDAGAN YAYASAN SKKS

Posted by 000. Pinisepuh SKKS on April 1, 2011 at 10:50 PM Comments comments (16)

Sawangan jeung Udagan SKKS (VISI & MISI SKKS)

 

SAWANGAN/VISI

Melak rasa kabangsaan jeung rasa miboga budaya lokal Indonesia.

UDAGAN/MISI

Miroséa jeung melak/ngarekahkeun budaya Sunda minangka salah sahiji bagéan tina kabeungharan budaya nasional Indonesia.

SASMITA/MOTTO

Nyakola – Nyantika – Nyunda - Nyantri

TUJUAN

Ambahan Deukeut

 Ngaraketkeun duduluran anu deukuer di kalangan internal suku Sunda demi melak rasa sabilulungan jeung sauyunan.

 Ngagambarkeun masalah lunturna budaya luhur Sunda keur manggihan solusi ngungkulanana.

Ambahan Jauh

Sabada sacara “internal” pengkuh, tuluy SKKS bakal ilu-biung ogé, tangtuna dina wates-wates anu “proporsional”, dina upaya-upaya anu leuwih jembar sacara “lintas suku”.

Taun 2020 ditargetkan keur ngadegkeun Sakola (Dasar) sacara swadaya masyarakat dina raraga mantuan program pamaréntah dina widang atikan. Upaya ka arah ieu keur dibaladah ngaliwatan program kapedulian ka barudak umur sakola anu kurang mampuh. Palaksanaanana bisa mangrupa santunan ka barudak umur mejuehna keur sakola anu kurang mampuh atawa mere bantuan keur “rehabilitasi” sarana-sarana atikan.

CARA/STRATEGI

Satékah-polah ngagamangpaatkeun  “potensi-potensi property”, internal, jeung eksternal keur ngahontal ieu tujuan.

Potensi Internal

Potensi internal ieu mangrupa SDM anu diwangun ku para ilmuwan, budayawan, praktisi, jeung balaréa anu paduli kana budaya Sunda.

Potensi ekternal

Ngamangpaatkeun hasil karya teknologi informasi saperti situs jaringan sosial jeung mandala maya (website).

OPERASIONAL

Ti saprak diadegkeun, Yayasan SKKS geus ngalakukeun rupa-rupa kagiatan anu saayeunaeun dilaksanakeun sacara “online” kalayan hasil cukup ngagumbirakeun. Kagiatan-kagiatan ieu di antarana:

 Atikan basa Sunda online ngaliwatan Fcebook, situs http/kalangsunda.net, jeung situs http/sundapedia.net

 Ceramah jeung diskusi budaya ngaliwatan Facebook

 Ceramah jeung diskusi agama Islam ngaliwatan Facebook


POTENSI KEUR NGAREKAHAN

 Ajakan mimitran atawa gawé-bareng ti lembaga séjén saperti Paguyuban Pasundan, Persatuan Pedalangan Indonesia, SMKI Bandung, ASTI Bandung, Universitas Padjadjaran Bandung, Majalah Mangle, jsbn.

Sakitu saliwatan ngeunaan Yayasan Sawala Kandaga Kalang Sunda (Bandung), kalayan aya pangharepan ti pihak balaréa mantuan ku mangrupa naon baé demi kahontalna cita-cita SKKS.

 Padépokan Wening Galih (Ciwidey), 27 April 2010.

MASALAH REGISTRASI

Posted by 0001. DR. H. Ihwan D. Natapradja, Girang Pupuhu. on August 25, 2010 at 7:16 PM Comments comments (15)

 

MASALAH REGISTRASI


Seueur anu laporan ka Pangasuh réhna aya sababaraha baraya anu sesah dina regitrasi di website SKKS. Aya sababaraha masalah:

1. Internet provider di Indonesia kirang saé, sanés broadband

2. Komputer baraya tos kolot, out of date, gentos ku nu énggal, utamina speed-na

3. Daptar nganggo browser: Monzila.


Upami masih kénéh aya masalah Pangasuh tiasa ngabantos:

Kintunkeun ngalangkungan email ka kangiwan@natapradja.net


1) Nami lengkep

2) Tanggal lahir

3) Kota sareng nagara

4) Potret.

Insya Allah ku Pangasuh tiasa di daptarkeun.

 



Rss_feed

Baraya SKKS moal Nyebat Jawa Barat tapi TATAR SUNDA

Video Panganyarna

34 views - 0 comments
99 views - 1 comment
215 views - 0 comments

Langganan ka SKKS

Acara Bakal Datang

No upcoming events

ASONG-SARAN

  • "Ngoreh kasundaan nu tinggal sesana,mapay galeng neangan nu sarua nyaah kana kasundaanna,ngasruk leuweung dibarengan kaludeung,bari memener jalma nu keur baluweng. Nyoba ngageuin..."
    Wiraatmadja
    Nyaah
  • "Kalintang panuju na kana saran ti Kang Nandi 0768, tapi sanes dina raraga kongres wungkul, urang kedah gaduh jadwal kangge ilubiung silaturahim dina raraga ngaraketkeun dudulura..."